Blogger Jateng

Pupujian Sunda Pondok : Tarikh Kanjeng Nabi Muhammad Saw




Nabi Muhammad SAW ;
NABI URANG SAREREA

*BismillaahirRohmaanirRohiim*

1
Nabi urang  saréréa,
Kangjeng Nabi anu mulya,
Muhammad jenenganana,
Arab Kurés nya bangsana.

2
Ramana Gusti Abdullah,
Ibuna Siti Aminah,
dibabarkeunana di Mekah,
wengi Senén taun Gajah.

3
Robiul awal bulanna,
tanggal kadua belasna,
April bulan maséhina,
tanggal kadua-puluhna.

4
Ari bilangan taunna,
lima ratus cariosna,
tujuh puluh panambihna,
sareng sahiji punjulna.

5
Siti Aminah misaur,
waktos babarna kacatur,
ningal cahaya mani ngempur,
di bumina hurung mancur

6
Babar taya kokotoran
Orok tos kenging nyepitan
Soca lir kenging nyipatan
Sarta harum seuseungitan

7
Medal Nabi Akhir Zaman
Pirang-pirang ka anehan
Sesembahan Bangsa Syetan
Kabeh pada Karuksakan

8
Nabi yuswa Lima Bulan
Geus Yasa Angkat - angkatan
Yuswana Salapan Bulan
Geus Capetang Sasauran

9
Yuswana Sapuluh Bulan
Yasa Ameng Papanahan
Ngéléhkeun Budak nu Lian
Tapi tara kumagungan

10
Parangina Kangjeng Nabi,
jatnika pinuh ku puji
pinter tur gedé kawani,
sabar nyaah ka sasami.

11
Keur opat taun yuswana,
diberesihan manahna,
nabi dibeulah dadana,
malaikat nu meulahna.

12
Jibril kadua réncangna
Mikail jenenganana,
ngeusikeun kana manahna,
elmu hikmah sapinuhna.

13
Tuluy dada Kanjeng Nabi,
gancang dirapetkeun deui,
sarta teu ngaraos nyeri,
dicap ku Khotami Nabi.

14
Rama Nabi kacaturkeun
pupusna kacarioskeun
basa Nabi dibobotkeun
dua sasih kaunggelkeun

15
Kagenep taun yuswana
ditilar pupus ibuna
Nabi dirorok eyangna
Abdul Mutalib asmana

16
Kersana Rabbul’alamin
Kangjeng Nabi nu prihatin
yuswa dalapan taun yakin
éyangna mulih ka batin

17
Sabada wapat éyangna
Nabi dirawat Uwa na
Abi Talib kakasihna
sadérék teges ramana

18
Kangjéng Nabi sering pisan
dicandak ka Nagara Sam
sok nyandak barang dagangan
di dinya téh pajeng pisan

19
Kacatur di éta nagri
loba pandita Yahudi
sareng pandita Nasrani
nu tepang jeung Kangjeng Nabi

20
Sadayana sasauran
ieu jalmi mo nyalahan
pinabieun ahir jaman
Torét, Injil, geus ngiberan

21
Sipat Nabi panganggeusan
aya di anjeunna pisan
harita loba nu iman
ka Nabi ngangken panutan

22
Lami - Lami Kangjeng Nabi
Di Sambat ku Hiji Istri
Dagang ka Unggal Nagri
Ka untungana di bagi

23
Istri Jenengan Khodijah
Putra Huwailid katelah
Nu pang Bengharna di Mekah
Ka Nabi kalangkung nyaah

24
Siti Khodijah masrahan
Ka Nabi Barang Dagangan
Mesaroh nu Ngarencangan
Ka Nabi purah Nyarengan

25
Kacarios MeMesaroh teh
Loba pamendakna Aneh
Cicirén Nabi nu Sholeh
Matak ngagerakkeun Kabeh

26
Tatangkalan uluk Salam
Mega bodas sok Mayungan
Jeung aya cap Kanabian
Dina salirana pisan

27
Pamendak Siti Khodijah
Cocok pisan jeung Mesaroh
Akhirna Siti Khodijah
Ka Nabi mundut di Tikah

28
Harita yuswana Nabi
Salawe tahun kawarti
Ngadak - ngadak Sugih Mukti
Tapi tambah sae Ati

29
Karesepna Kangjeng Nabi
ka Gusti Allah ngabakti
di Gunung Hira maranti,
ibadahna saban wengi.

30
Di dinya jol kasumpingan,
Jibril nu nurunkeun Kur’an,
kalawan dawuh Pangéran,
Nabi didamel utusan.

31
Harita yuswana Nabi,
patpuluh taun kawarti,
diutus ku Allah pasti,
ngémbarkeun agama suci.

32
Anu iman pangheulana,
Siti Khodijah garwana,
Abu Bakar kaduana
sohabat nu pangmulyana

33
Murangkalih nu nonoman,
anu pangheulana iman,
Sayidina Ali pisan,
ka Nabi sadérék misan.

34
Jeung ari jalma beulian,
anu pangheulana iman,
Sayid Bilal kaleresan,
anu jadi tukang adan.

35
Ari lolobana pisan
ka Nabi téh ngamusuhan,
nganiaya ngajailan,
teu aya pisan ras-rasan.

36
Para Shohabat kungsi Ngalih
Ka Nagri Habsi nu teubih
Didinya Anjeuna Linggih
Kirang kenging tilu sasih

37
Samulih Shohabat ti Habsi
Kacarios Kangjeung Nabi
Kenging pohara Cocobi
Kersana nu Maha Suci

38
Uwa na sareng Garwa na
Pada pupus duanana
Harita Nabi yuswana
Kalima puluh tahunan

39
Geus pupus Siti Khodijah
Nikah ka Siti Saodah
Sareng ka Siti 'Aisyah
Ummil Mu'minin ka telah

40
Tidinya kersa Pangéran
Maparinan Kamulyaan
Ka Nabi nu Akhir Zaman
Kakasih nu Sifat Rohman

41
Nuju tanggal tujuh likur,
bulan Rajab nu kacatur,
runut kaol nu kamashur
Kangjeng Nabi téh disaur.

42
Dipapag ku malaikat,
nyandak burok nu kasebat,
leumpangna téh cara kilat,
tutunggangan Nabi angkat.

43
Ti Mekah ka Baitul Maqdis,
teu lami-lami antawis,
ku jalmi henteu katawis,
Kersana Gusti nu Wacis.

44
Ti Baétul Makdis terasna,
naék tangga saterusna,
mi’raj téa kasebatna,
ka langit Nabi sumpingna.

45
Tujuh langit sadayana,
sareng aras pangluhurna,
disumpingan sadayana,
katut surga-narakana.

46
Kangjeng Nabi ditimbalan,
ku Gusti Nu Sipat Rahman,
anjeunna kudu netepan,
solat muji ka Pangéran.

47
Sadayana jalmi iman,
sami gaduh kawajiban,
solat nu lima giliran,
henteu meunang dikurangan.

48
Solat éta minangkana,
dina agama tihangna,
jalmi nu luput solatna,
nyata rubuh agamana.

49
Kacarios dina Zaman
Mi'rojna Nabi Panutan
Yuswana teh kaleresan
Lama puluh dua jalan

50
Kapir Mekah kacaturkeun,
barang Nabi nyarioskeun,
mi’raj lain dimulyakan,
anggur pada nyeungseurikeun.

51
Pada hasud ngakalakeun,
ti dinya Allah ngersakeun,
Kangjeng Nabi dialihkeun,
ka Madinah disirnakeun.

52
Para sohabat pirang-pirang,
nu buméla milu iang,
milu ngalih saabrulan,
henteu pisan sumoréang.

53
Tambih kamulyaan nabi,
di madinah asal sepi,
jadi ramé ku nu ngaji,
muji ka Nu Maha Suci.

54
Sapuluh taun lamina,
di Madinah jumenengna,
agama Islam cahyana,
gumebyar ka mana-mana.

55
Nagri Mekah di Perangan
Akhirna kaboyong pisan
Nabi tambah kamulyaan
Yaqin lain Jijieunan

56
Ari yuswa Kangjeng Nabi
Genep puluh tilu pasti
Maqomna di jeuro Nagri
Madinah Nagara Suci

57
Puputrana Kanjeng Nabi
Aya Opat anu Istri
Siti Zenab nu Kahiji
Ruqoyah nu hiji deui

58
Ummi Kulsum katiluna
Siti Fatimah Bungsuna
Ari putra nu Cikalna
Sidna Qosim kakasihna

59
Sidna 'Abdullah Raina
Ibrohim nu katiluna
Eta nu genep putrana
Siti Khodijah Ibuna

60
Sidna Ibrohim Ibuna
Mariyah jenenganana
Istri ti Mesir asalna
Tah kitu turunanana

61
Putra nu pameugeut kabeh
Pupus keur Aralit keneh
Nu istri Carogena teh
Para Shohabat nu Sholeh

62
Siti Zenab Carogena
Abul'Ash Jenenganana
Siti Ruqoyah Carogena
Sidna 'Utsman mimitina

63
Geus Siti Ruqoyah Hilang
Anjeuna turun Ka ranjang
Ummi kultsum putri Lanjang
Di Tikah geuntos nu Hilang

64
Caroge Siti Fatimah
Sidna 'Ali nu katelah
Bakarromallahu Wajhah
Anu ka Mashurkeun gagah

65
Ari Putu Kanjeng Nabi
Dalapan pamegeut Istri
Siti Umamah jeung 'Ali
Ti Siti Zenab kawarti

66
Ari Sidna 'Abdullah mah
Putu ti Siti Ruqoyah
Putu tu Siti Fatimah
Aya Lima kabeh namah

67
Tilu anu pameugeutna
Sidna Hasan kakasihna
Sidna Husen ka duana
Sidna Muhsin ka tiluna

68
Ummi Kulsum nu Istrina
Ka Sidna 'Umar Nikah na
Sitna Zenab ka duana
Nurut Ungeuling wartosna

69
Urang kudu Cinta ati
Ka Turunan Kanjeng Nabi
Poma ulah goreng Ati
Sumawona Hiri dengki

70
Ari mungguh Kangjeng Nabi,
nyaahna langkung ti misti,
ka umatna jaler istri,
leuwih ti sepuh pribadi.

71
Welas asih ka nu miskin,
sumawon ka budak yatim,
pada seubeuh ku paparin,
kadaharan jeung pisalin.

72
Akurna ka urang kampung,
calik satata ngariung,
tara angkuh jeung adigung,
sanajan ka urang gunung.

73
Ka nu nandang kasusahan,
gering jeung kapapaténan,
ngalayad sarta ngubaran,
ngajajapkeun ka kuburan.

74
Manis saur manis budi,
éstu mustikaning jalmi,
sajagat mo’ mendak deui,
saé rupa jeung parangi.

75
Raray lir bulan purnama,
halisna lir katumbiri,
waos lir inten widuri,
salira harum wawangi.

76
Éstu kersaning Pangéran,
lain seungit dimenyanan,
karinget pada nandéan,
diparaké seuseungitan.

77
Sakitu Nabi mulyana
Taya pisan adigung na
Angkat pungkureun Shohbatna
Kalangkung handap Asorna

78
Anggoan kersa lumayan
Najan nu geus di Tambalan
Kitu deui katuangan
Bangeut pisan di Kurangan

79
Beutah dina Kamiskinan
Lain Sabab teu kagungan
Ngahaja bae ngirangan
Ngarah karidhoan Tuhan

80
Pirang-pirang mujijatna,
tawis kanabianana,
Kur’an nu nomer hijina
mujijat nu pangmulyana.

81
Tangkal nu pérang daunna,
disiram urut abdasna,
ngadadak loba buahna,
sarta hirup saterasna.

82
Domba nu banget kuruna,
sarta lalépét susuna,
diusap ku pananganna,
ngadadak juuh susuna

83
Dina hiji waktos deui,
sahabat bet kirang cai,
teras baé Kangjeng Nabi,
mundut cai anu kari

84
Cai ngan sakedét pisan,
éstu kabéh pada héran,
Nabi neuleumkeun panangan,
dumadak tuluy manceran.

85
Cai mancer loba pisan,
ka luar tina panangan,
sela-sela ramo pisan,
cukup keur jalma réaan.

86
Kacatur Hiji Beudeuwi
Ngadoja ka Kanjeng Nabi
Nitah nyaur tangkal kai
Sina ngomong cara Jalmi

87
Tuluy Tangkal teh di Saur
Harita ku Kanjeng Rosul
Tangkal datang ngagulusur
Akarna teh di Gugusur

88
Ngadeuheus ka Kanjeng Nabi
Uluk Salam cara Jalmi
Sanggeus kitu balik deui
Ka tempat asalna tadi

89
Badwi teh ngan kantun Héran
Ningal eta ka anehan
Tuluy bae asup Islam
Ka Nabi ngangken panutan

90
Saliana Loba deui
Mu’jizatna Kanjeng Nabi
Mun di wincik Hiji - hiji
Keur nulisna moal mahi

91
He Allah nu Sifat Rohman
Abdi Sadayana Iman
Teu Aya deui Pangéran
Lian ti Anjeuna pisan

92
Nu ngadamel Bumi 'Alam
Rawuh saeusina pisan
Nu Wajib di Ibadahan
Teu aya anu nyésa pisan

93
Sareng abdi Iman deui
Ka Sidna Muhammad Nabi
Yen eta utusan Gusti
Miwulang sadaya Jalmi

94
Nu Sifat ka percayaan
Bijaksana tur Budiman
Bener unggal sasauran
Najan Saur kaheureuyan

95
Ngémbarkeun Kanjeng Nabi téh
Ka Jalma sadunya kabeh
Dawuh Pangéran nu Shoheh
Nu Wajib di Turut nateh

96
Hurmat urang ka Anjeuna
Dina mangsa jumenengna
Sareng sa ba'da Wafat na
Eta teu aya beda na

97
Duh Gusti jungjunan abdi
Sidna Muhammad habibi
Pamugi salira nampi
Kanu hina diri abdi

98
'Abdi umat akhir zaman
Anu banget panasaran
Hoyong tepang ngadeuheusan
Seja tumut serah badan

99
Di Yaumil Akhir pamugi
'Abdi sing janten ngahiji
Sareng indung bapa 'Abdi
Ngiring Gusti ka Sawargi

*Alhamdulillaah*

*Tammat Wallaahu A'lam*
Mugi Ageung Manfa'at...

NGA... APALKEUN DEUI...