Blogger Jateng

Sambutan Bahasa Sunda Sebelum Tahlil Atau Maulid Barzanji

 

Sambutan bahasa sunda sebelum tahlil atau maulid barzanji 

السلام عليكم ورحمة الله وبركاته

Alhamdulillahirobbil Aalamin. Wassholatu wassalamu 'ala asyrofil anbiya'i walmursalin. Sayyidina wa maulana muhammadin. Wa 'ala alihi wasohbihi ajma'in. 'Amma ba'du. 

Kersana pak kiai.... nu ku pribados dipihormat sareng ku Allah dimulyakeun. Para kasepuhan lembur iyeu... nu ku pribados dipihormat sareng ku Allah dimulyakeun. Para wargi sadaya miwah dulur tatanggi sadaya nu ku pribados dipihormat sareng ku Allah dimulyakeun. 

Tipayun mangga urang sasarengan muji ka Allah swt. Alhamdulillah, rehna urang sadaya masih dipaparing mangrupi rupi kani'matan anu teu tiasa kaetang, utamina mangrupi ni'mat iman, ni'mat islam, sareng ni'mat sehat. 

Solawat kalih salam salamina mugia didugikeun ka junjunan urang sadaya, mustika Alam kanjeng Nabi Muhammad Saw, ka kulawargina, para sohabatna, tabi'in atba'it tabi'in. Sareng mugia urang sadaya tetep aya dina ridhona Allah, kenging hidayah taufik ti mantenna. Amin ya Allah ya robbal alamin.

Simkuring nyandak atas nami sohibul hajat (nu ngagaduhan maksad) ngedalkeun pamaksadan di antawisna kahiji, ngahaturnuhunkeun ka kasepuhan wargi sadaya, anu parantos nohonan pangulem simkuring sakulawargi dongkap ka iyeu rompok, ngiring sareng ngadoakeun simkuring sakulawargi. 

Nu kaduana, rehna simkuring gaduh pamaksadan bade hajat nikahkeun pun putra simkuring anu nami... ka istri anu nami.... nuhunkeun ikhlas ridhona kasepuhan wargi sadaya ngadoakeun pribados sakulawagi mugia salami proses hajatan kin dina waktosna dugi rengse, aya dina kasalametan, kasehatan, kalancaran, kaberkahan, tur pamaksadan simkuring sakulawargi dikobul ku Allah Swt. Amiin ya robbal alamin.

Atuh kangge pun putra ti semet nikah dugi salamina mugia janten kulawargi sakinah mawaddah tur rohmah. Aamiin ya robbal alamin. 

Katiluna, neda sih hapunten ka kasepuhan wargi sadaya manawi dina panampian pribados sakulawargi boh dina tuangleleuteun nana kirang sapagodos sareng manah wargi sadaya. 

Estu simkuring mung tiasa masrahkan ka Allah swt, mugia amal kasaean kasepuhan wargi sadaya kenging wawales ti Allah anu langkung seueur langkung sae. Aamin ya robbal alamin.

Sakitu rupina pamaksadan simkuring anu nyandak atas nami sohibul hajat. Kirang sinareng langkungna nuhun ditawaquf anu sa ageung ageungna. Kalayan dipungkas ku "wallahul muwafiq ilaa aqwamith thariq"

والسلام عليكم ورحمة الله وبركاته