Blogger Jateng

Carita Sunda : Ngaji Jaman Baheula

Baheula nalika uing leutik keneh, sok kaemut pangalaman ngaji ka tajug. Da baheula mah diajar agama teh teu rea jiga kiwari. Kiwari mah loba tajug loba masjid, loba madrasah loba sakola, loba ustadz loba kiai. Baheula mah saeutik jalma nu ngarti. Aya nu bisa alip alipan jeung maca kur'an ge geus kasebut hade malah sok dititah mingpin tahlil Atawa ngimanan. 

Jaman baheula mah usumna masantren kalong; ngaji kur'an ka hiji tajug bari meuting isuk-isukna balik. Disebat ngaji kalong majah waktu ngajina jiga kalong alias pentingna bae. Da isukna mah kudu sakola jeung beurangna kudu ngarit ngala jukut atawa ka leuweung ngala Suluh. 

Sim uing hirup di palemburan kasebut lembur jemberung (aos: Ujungberung). Teu beda jeung lembur sejen. Ngajina ngaji kalong. Kudu kitu lamun budak hayang bisa ngaji. 

Ari cara ngajina, saeutik sarua jeung jaman kiwari tapi loba bedana. Saruana, nya sarua diajar kitab suci ngan beda mah beda dina cara jeung adat nu diangge na. Dina seratan ieu diantawisna bade dijelentrekeun bedana atawa kebiasaan na cara ngaji barudak jaman baheula. 

Kahiji, lamun mangkat ngaji ka tajug sok wayah asar kaburitkeun. Bangsaning jam setengah limaan. Sabab memeh magrib barudak biasana rea uulinan. Sabangsaning gagaliungan, endog-endogan, embragan Atawa ucing ucingan. 

Kadua, biasana budak jaman baheula mah kur'an teh Tara diwadahan tas Atawa sajabina. Keur mah jarang nu boga tas barijeung keresek Oge dianggap teu sopan. Warung cekap kur'an teh dicandakna ku cara disusuhun luhureun Sirah. 

Katilu, budak jaman baheula nurut pisan ka guruna. Lamun guruna nyarita lobana digugu. Tong boro nyarita, karek aya guru ngalewat bae ge langsung caricing atawa balubar. Kacarita mung keur marolek Atawa ngalobrol terus aya guru ngalewat nya rep teh langsung tiiseun caricing. Bakating ku hormat Jeung nurutna ka guru.

Kaopat, lamun ngaji suaranya kudu tarik. Majah ceuk guru beh suarana golong bengras jeung bareunang makhrojna. Matak Mun wayah magrib kaisyakeun di tajug teh rame lir ibarat pasar. Ti kajauhan mah kadengena ngaguruh ngahiung jiga bangbung. 

Kalima, budak baheula mah tara delitan. Hartina Tara pundung pedah dicarekan. Komo barijeung bebeja ka kolotna. Sabab lamun bebeja ka kolot lain kalah dibela, NU Aya mah kalahka dicarekan dua kali, ya ku guru nya ku kolot. 

Numawi guru biasana ngajar ngaji bari jahil suarana tarik. Kadang sok nyarekan lamun ningal budak nu teu serius diajarna Atawa belet ngajina. Malah mah teu saeutik nu sampe ceurik Bari Ngaji teh da salah deui salah deui. Ceuk guru, maksud nyarekan Tek beh budaknya serius, beh kuat mental, Jeung beh setan na balubar. 

Diantawisna eta sababaraha ihwal nu sakaemut dikedalkeun dina seratan ieu, manawi seueur nu teu acan kaserat mugia tiasa lajeng diwaktos nu sanes. Hapunten Manawi Aya seratan nu lepat sareng mugia mangpaat.